Coretan dari Balik Kelambu…

Archive for Nopémber 8th, 2008

Jagaan Budaya Sunda, Yuk…!!!

kalawan 5 pairan

saprak kenal jeung blog, teu acan abdi manggihan hiji blog nu nyerat na nganggo basa sunda atawa basa daerah. nu aya, sakabeh jalmi nu ngablog, nganggo basa indonesia kanggo pangantar di blog na. salian ti eta, aya oge sababaraha jalmi nu nyerat blog na ngagunakeun basa ti nagara sejen. misal na, basa inggris, jepang, atawa perancis. sababaraha jalmi deui, malah maksakeun kudu bisa nyerat blog nganggo basa asing. duka ku gengsi atawa leuwih resep nganggo basa ti nagara urang bule.

ngabaca buku ti ajip rosidi, abdi jadi mikir nasib budaya jeung basa daerah di indonesia. tong jauh2. misal na basa sunda. jaman kiwari, loba budak nu lahir di tanah pasundan, nu geus teu bisa nyerat nganggo basa sunda. lolobana basa sunda ngan ukur dijadikeun basa pergaulan sapopoe di lingkungan lembur. di sakola, budak geus kudu dibiasakeun nganggo basa indonesia keur pengantar diajar. conto di luhur masih ka itung ringan. tapi, nu parah na deui, aya budak nu lahir di tanah pasundan, ti indung-bapak nu turunan sunda, tapi teu bisa saeutik oge ngomong basa sunda.

conto di luhur ngan ukur ditingali ti basa sunda. kumaha nasib budaya sunda? conto nu gampang. baheula barudak pasundan wawuh keneh nu ngaran na gansing, ulinan budak baheula. jaman kiwari, barudak pasundan leuwih wawuh jeung playstasion dibandingkeun gansing atawa lalayangan.

di nagara walanda, aya perpustakaan nu eusi na kitab2 nu ditulis ku urang sunda baheula. di nagara walanda oge, aya jurusan basa sunda di universitas na. parah na deui, urang walanda jeung urang ti nagara sejen, loba nu resep jeung bingah diajar basa jeung budaya sunda. tapi urang sunda na sorangan, teu bingah2 acan diajar basa sunda. malah, leuwih resep diajar basa nagara batur.

kudu na urang sadar budaya urang geus mulai leungit ti tanah pasundan ieu. lamun lain urang, saha deui nu ngajagaan budaya jeung kabanggaan urang sunda. lamun lain ayeuna, iraha deui nyalametkeun budaya sunda. hayu ah urang tanamkeun kabanggaan urang ka budaya sunda jeung budaya daerah nu sejen. ti ayeuna, ti diri urang, jeung ti tanah pasundan.

hapunten bilih aya kata2 nu lepat. nuju diajar nyarios sareng nyerat basa sunda.

Written by Yudha P Sunandar

Saptu, 8 Nopémber 2008 pukul 00:58

Dimuat dina Budaya